Rabu, 29 Oktober 2014

HIRUP

Hirup laki-rabi pinuh ku rupa-rupa cocoba,
 seuri pacampur nyeri,aya bungah aya susah, lir ibarat lalayaran di sagara.
Tatan-tatan ti anggalna, sangkan tabah tur tawekal
kedah teguh pengkuh anceg panceg ka Gusti Rabbul Ijati. 
unggut
 kalinduan gedag kaanginan
sing runtut laut rempung jukung sauyunan, sareundeuk saigel, sabobot sapihanean.

Taat ngalaksana agama, ibadah ulah
 campoleh da urang teh bakal paeh,
Ka caroge kedah sae, pacuan ulah beungeut nyanghareup ati mungkir,
ka sasama ka ibu rama kedah handap asor sae budi basa. 

Dina ngatur rumah tangga kedah tiasa 
ngeureut miceun pinter neundeun miraweuy
 
sampeureun paikahareupeun, saeutik sing
 mahi loba sing nyesa. 
Ulah mikahayang nu bakal moal laksana, kudu
 ngukur ka kujur nimbang ka awak

Dipangumbaraan, sing tiasa titip diri sangsang
 
badan pindah cai pindah tampian. Kudu jujur
 
laku hade lampah sangkan mulus bungkus
 
rahayu salamet jatmika taya codeka.
 

Hirup di dunya  saukur ngumbara.
Umur katungkul ku pati maot teu nyaho dimangsa,
mun geus cunduk kana waktu dipundut kunu kagungan , 
harta sareng pangkat teu dicandak ka aherat,
 
saukur dibaju hasiwung diharudum boeh
 
ngaringkuk dijero kubur, katutup ku  padung
 diurungan taneuh beureum, 

Banda meunang sarakah , pangkat ladang ngajilat, teu jadi tatalang raga,
gedong sigrong moal digandong, pamajikan geulis moal di ais 
salin rupi jadi liang poek mongkleng,

Pamungkas ieu piwuruk : 
Ulah rek munjung ka gunung, muja ka talaga,
 
gunung mah sok rajeun urug, talaga sok rajeun
 bedah.
Munjung jeung muja mah wungkul ka Gusti nu Maha Agung.

Ulah dibarengan munjung ka kayu ka batu, muja ka barhala laku kaliru  matak cilaka. 
Sadaya amal ibadah bakal leungit taya leuwih, ngilang pampa kirana
 
Balukarna disiksa dina
 naraka taya kendatna. 
Habluminalloh habluminanas

Tidak ada komentar:

Posting Komentar