Mari kita jaga shalat 5 waktu dengan tertib dan
istiqamah :
Bila Subuh Utuh,
Pagi tumbuh, hati teduh, pribadi tidak angkuh, keluarga tidak keruh, maka damai berlabuh.
Bila Dhuhur Teratur,
Diri jadi jujur, hati tidak kufur, rasa hati selalu bersyukur, amal ibadah tidak udzur, keluarga akur, maka hidup jadi makmur.
Bila Asar Kelar,
Jiwa jadi sabar, raga jadi tegar, senyum menyebar, maka rezeki jadi lancar.
Bila Maghrib Tertib,
Ngaji jadi wajib, wirid jadi tertib, jauh dari aib, maka syafaat jadi karib.
Bila Isya Terjaga,
Malam bercahaya, gelap tidak terasa, hidup damai sejahtera, bahagia selamanya.
Semoga kita dapat istiqomah menjalaninya.
Aamiin...
Bila Subuh Utuh,
Pagi tumbuh, hati teduh, pribadi tidak angkuh, keluarga tidak keruh, maka damai berlabuh.
Bila Dhuhur Teratur,
Diri jadi jujur, hati tidak kufur, rasa hati selalu bersyukur, amal ibadah tidak udzur, keluarga akur, maka hidup jadi makmur.
Bila Asar Kelar,
Jiwa jadi sabar, raga jadi tegar, senyum menyebar, maka rezeki jadi lancar.
Bila Maghrib Tertib,
Ngaji jadi wajib, wirid jadi tertib, jauh dari aib, maka syafaat jadi karib.
Bila Isya Terjaga,
Malam bercahaya, gelap tidak terasa, hidup damai sejahtera, bahagia selamanya.
Semoga kita dapat istiqomah menjalaninya.
Aamiin...
Mun urang sholat shubuh
geus jadi matuh,
Tinangtu hate teduh, pribadi tidak angkuh, keluarga tidak keruh, maka damai berlabuh.
Jenis Pupuh Sunda
Tinangtu hate teduh, pribadi tidak angkuh, keluarga tidak keruh, maka damai berlabuh.
Jenis Pupuh Sunda
- Asmarandana, bertemakan cinta kasih, birahi
- Balakbak, bertemakan lawak, banyolan
- Dangdanggula, bertemakan ketentraman, keagungan,
kegembiraan
- Durma, bertemakan kemarahan, kesombongan,
semangat
- Gambuh, bertemakan kesedihan, kesusahan,
kesakitan
- Gurisa, bertemakan khayalan
- Jurudemung, bertemakan kebingungan
- Kinanti, bertemakan penantian
- Lambang, bertemakan lawak dengan aspek renungan
- Magatru, bertemakan penyesalan
- Maskumambang, bertemakan kesedihan yang mendalam
- Mijil, bertemakan kesedihan yang menimbulkan
harapan
- Pangkur, bertemakan perasaan sebelum mengemban
sebuah tugas berat
- Pucung, bertemakan rasa marah pada diri sendiri
- Sinom, bertemakan kegembiraan
- Wirangrong, bertemakan rasa malu akan tingkah
laku sendiri
- Ladrang, bertemakan sindiran
Kinanti Ngahurun Balung
1. Tungtungna ngarahun
balung, Guru bukur malar bukti, Rek nyaba jeung Allah saha, Kacapangan ya
Illahi, He Allah Gusti kaula, Di nu nembrak di nu suni.
2. Kaduhung ngajugjug
jauh, Puguh nguntit-nguntit aing, Baluas da kurang awas Ati lali ka ma’ani
Gumelar ma’nawiahna nuding ka nu lain-lain.
3. Mupunjung ka
uwung-uwung Migusti ka kutumbiri Mangeran ka wang-awang Lain duei lain deui Nu
aya disaha-saha Aling-aling roch idofi
4. Pikukuh ku ilallahu
Nu murba wisesa diri Kelangan hajat sorangan Pangatikna ti leuleutik Balangah
salah tarima Pahili nu dipieling
5. Babasan Allah Nu
Agung Waspada lahir jeung batin Marukan lain nyaeta lahirna dituding ati
Batinna di torah rasa Moal salahir sa batin
6. Nu matak
diugung-ugung kupanarimaning ati Nu datang disaha-saha Nu undur
dileungit-leungit Kokoceakan neangan Matangankeun nu ngabukti
7. Mituhu lain ka baku
Rapih bari jeung pahili Uyuhan bet dipirosea Mere deui mere deui Tapi da
jariannana Nu lali purah sukingki
8. Kasarung turut
lulurung Balik deui balik deui Sabab dina sisimpangan Cerik deui Cerik Deui
Midangdam neangan Allah Lain deui lain deui
9. Beh di kaler beh di
kidul Saha deui saha deui Na mana majar ma’ani Aing deui aing deui Ngambang di
sagara mangmang Manggih lain manggih lain
10. Tah kitu
yataroddadun, da bongan firoebihim Katambias parahuna Kerok miriwinci hiji
Ngumbara sosoranganan Da puguh pahatulalis.
11. Ngahiung
miindung-indung, Bapa mana ieu kuring, Teu daraekeun nembalan, Da geus marulih
kajati, Ngoceak umallah-Allah, Repeh deui-repeh deui
12. Disusul ka gunung
suwung, Ditungtik ka cai leungit, Aing neangan jeung saha, Aing deui aing deui,
Nĕlahkeun ngaran kamana, Nafsiahing anu aing.
13. Kalingkung ku bising
kitu, Loba nu nuding ka aing, Kabuktian mulya hina, Da kapalingan ti peuting,
Da kasajaban ti beurang, Aing dipaling ku aing.
14. Bukurna nu
dipibingung, Pahili ku barang hiji, Nyawa kaleungitan rasa, Lawas kalindih
panglandi, Marukan lain manehna, Ĕnya ge dilain lain.
15. Tutur munjung ka
batur, Purba di rumasa ngabdi, Rohaka ngojay ka girang, Milir deui milir deui,
Naon aing babawaan, Rek ngirim aing keur aing.
16. Ditanya meureun mun
timu, Naha bet dibawa deui, Disaha maneh ngumbara, Na aya nu sugih deui, Moal
ĕnya ditarima, Da eta nusugih tadi.
17. Jauh-jauh disusuhun,
Tĕpi ka urut indit, Midangdam keur kaedanan, Pahili bawahing pangling, Horeng
keur ganti jĕnĕngan, Lali bawaning ku isin.
18. Horengan batur
salĕmbur, Papanggih geus aki-aki, Papisah pangumbaraan, Kudu panca kaki deui,
Ngadukeun pakutan-kutan, Hanas bĕt pagiling gisik.
19. Ngalantung pada
ngalantung, Pada nyarita pamanggih, Basa dipangumbaraan, Aing balik ti Batawi,
Sup kana liang Lampengan, Bray caang beak kinanti.
20. Diajar nulis darigdug, Uni deui uni deui Midangdam kukagandengan, Nulis di kareta api, Pulunganeun bangkarakan , Sugan katitisan sari.
21. Sari nu ditiung
sarung, Balik ka kawit dumadi, Horeng teu nyaba ngumbara, Ĕnyana matuh ditadi,
Hakna nu tĕrus jeung rasa, Rapih kana nafsul amri.
22. Haking kaula ku
ripuh, Haking Gusti kubirahi, Jeun teuing deungeun balangsak, Da abdi birahi
ati, Gumelar jeung pangabetah, Bubuhan jaman pribadi.
23. Numatak disĕbut
kukuh, Tara salin ti sasari, Tara jeung pangawĕruhna, Cicing dina alam hiji,
Tara ditanya kamana, Lamun aing hĕnteu indit.
24. Tara ditunjuk ku
curuk, Mun nuduhkeun ka pribadi, Anggang soteh rarasaan, Pĕrbawa jaman kiwari,
Hayang kanu anggang teang, Pambrih kanu suni tungtik.
25. Nya tuturkeun indung
suku, Hartina pancĕring aing, Kudu soreang katukang, Pamalina tukang tani,
Dederan ngora akarna, Kĕri deui kĕri deui, Mun teu pambrih ku rejeki.
26. Beuki jauh ka
cinyusu, Beuki hilir beuki lali, Moal nyaah ka pĕtetan, Lamun pamrih ka
langari, Teu paya ku pancengkadan, Mun teu pambrih ku rejeki.
27. Nu diprĕbutkrun
nuwuku, Katohyan kangenah ati, Marukan bisa midua, Kapan aing ti leuleutik,
Nyembahmah diwarah heula, Kumaki bawa ngajadi.
28. Numatak timbang
taraju, Jati teu leungit ku lali, paya ku diaya-aya, lalandian kupinanggih,
Duriat kakalakayan, Ingkar ngarangrangan jati.
29. Kukuh nya ngenca
ngatuhu, Bobot kakayoning sari, Ilat-ilat pangabĕtah, Matak sisirikan hiji,
Tokecang beurat sabeulah, Sok pusing kagunjang-ganjing.
30. Perbawa teu cucud
dumuk, Teu tanjrih ku nu keur bukti, Balukarna hejo tihang, Pasalingsingan
jeung ati, nyiar keneh susuganan, gagal deui gagal deui.
31. Da alhakumut
takasur, Hatta jurtuuml makobir, Kalah beak pangeuntengan, Lain deui lain deui,
Tekad katebak ku hawa, Gingsir deui gingsir deui.
32. Di dieu hayang ka
ditu, Di ditu ka dieu deui, Pasrah lamun jeung pindahan, Lain elegete pikir,
Najan eurih kaanginan, Pindah soteh reujeung bukti.
33. Aing oge kolot
pancuh, Bukti lamun indit birit, Kabita taya gawena, Mikir-mikir nu teu bukti,
Taya geusan pangabetah, Cicing lain nadah angin.
34. Ngan nangtayungkeun
pikukuh, Mun ĕnya tariking angin, Kodrat iradat pangeran, Nu mindahkeun birit
aing, Lahaola wala kuwata, Aing nu hajating aing.
35. Pung ngapung masing
ngapung, Ragrag deui ragrag deui, lĕp silĕp ka sapatala, Ngambul deui ngambul
deui, Sapanjang di alam urang, Timu deui timu deui.
36. Masih ngapung masih
mayung, Ngĕdap deui ngĕdap deui, Diulur sapanjang rara, Ngĕbrok deui ngĕbrok
deui, Langlayangan teu talian, Ragrag deui ragrag deui.
37. Mo burung disebut
burung, Mun teu saenya sa lain, Babasan jeung karapihan, Ciri mah ciri sabumi,
Cara mah cara sadesa, Tuturuti ka panglandi.
38. Mun disuguh angeun
iwung, Ulah menta angeun awi, Najan ĕnya kitu te mah, Katĕlah na kebon awi,
Lalandian sababatan, Awi deui awi deui.
39. Na saha nu ngebon
sintung, Ngan aya nu melak kitri, Duwegan ge saliwatan, Geuwat bisi kolot
teuing, Kaporotan ganti ngaran, Duwĕgan santri teu amis.
40. Bisi kaburu ku
butuh, Batok garing cai bari, Ngalasan mah pupucukan, Mun talangke kolot
teuing, Buah leunca nu meujeuhna, kolot teuing amis teuing.
41. Aing mah tara ka
lisung, Tatanya bisi pahili, Bakatul naon gawena, Huut na saha nu beuki, Sugan
te mah cara beas, Ngan pare kanyaho aing.
42. Atuh aing kawas
burung, Dipangejokeun jarami, Bongan teunyaho ditata, Resep keukeuh ieu aing,
Hayang rangrang menta catang, Abong kena pada kai.
43. Puguh keur hayang
cinyusu, Sakĕtipeun meuli sapi, Cara anu ngaladangan, Anggur disebut teu eling,
Nanyakeun harga sawidak, Mamawa duit saketip.
44. Tah hartina
Ilallahu, lain diiwung di awi, Iwung tara teu awian, Duwĕgan kudu ti kitri,
Tara beas teu parean, Awi runtang ku panglandi.
45. Pibatin cara nu
burung, Pilahir cara teu eling, Ucap mah kalangkang rasa, Teu umum teu matak
rapih, Matak layeut masamoan, Bisa mihapekeun diri.
46. Rĕmpug sĕmu jeung
salĕmbur, Bear budi jeung pangampih, Mustika tara kasangka, Bisi batur pada
manggih, Diudang tata satata, Ditungtik surtina buni.
47. Heug iwung sĕbutkeun
iwung, Heug awi sĕbutkeun awi, Kajeun ceuk deungeun mah loba, Teu nyahoeun
barang hiji, Hiji dua tilu opat, Hiji na tina mimiti.
48. Najan aya laksa
ribu, Jumlah na sahiji deui, Najan samara dalapan, Engkena jadi sapiring, Ageun
bistik opor acar, deungeun sangu opat piring,
49. Panyuguhan dua
gunduk, Ambeng dahar ambeng ngopi, Disĕbut baraya dalit, Duriat kanu
bangbangan, Tara ka dulur pribadi.
50. Kajeun disebut teu
wawuh, Tinimbang ngĕcĕwis biwir, Jĕnĕngan paranti anggang, Panglandi tara
pahili, Duriat ngilangkeun ngaran, Rapih nyirnakeun lalandi.
51. Taya bujang keur
lumucu, Birahi budi gumeulis, Lajang teu kakasepanan, ingĕtan alam pribadi,
bisi bogoh ka sasama, lalaki pada lalaki.
52. Matak teu turun
tumurun, Leungit bukti Jabang Bayi, Balukar sok ti duaan, Buktina lahir jeung
batin, Nyatana jassad jeeeung nyawa, Nu ngabuhtikeun kiwari..
53. Puguh mun
humarurung, Ngadangding ku humariring, Gugunungan dadaratan, Bumi deui bumi
deui, Wawalungan lalautan, Cai deui cai deui.
54. Muru cau murur tiwu,
Amis deui amis deui, Muru pare muru kĕtan, Seubeuh deui seubeuh deui, Muru
sirop muru lahang, Sĕgĕr deui sĕgĕr deui.
55. Muru pucuk muru
daun, Tangkal deui tangkal deui, Muru buah muru kembang, Bĕtah deui bĕtah deui,
Muru deukeut muru anggang, Rapih deui rapih deui,
56. Napsu mah gĕlĕdug
rahul, Asa indit tacan bukti, Barabat hujan silantang, Bumi masih keneh garing,
Ngagundamkeun kasugihan, Tatapi beuteung salatri.
57. Marukan wujud ku
nafsu, Ngimpi sugih bari Miskin, Teu kudu hayang tiheula, Mun pasti baris
ngajadi, Teu kudu sare gundam, Bukti ku babawa impi.
58. Barang hiuk puguh
nafsu, Geus bukti meunang pang landi, Nafsiah meunang kapengeranan, Buktina
tangtu ku pasti, Saha bae nu maksana, Nyatana mana billahi.
59. Sup aing campur di
kampung, Nurutan aing ngalandi, Ngarah sarua nya basa, Ulah katara Ngiai,
Illallahu ganti basa, Mun teu ngaji moal ‘alim.
60. Mun teu macul moal
nyatu, Teu ku cai moal mandi, Mun euweuh kejo teu mangan, Mun teu ngarah moal
ngarih, Mun sangsara paeh bangka, Mun teu ngulik moal mukti.
61. Mun teu nyatu moal
hirup, Mun teu mĕlak moal ngali, Lamun teu ngakal mah modar, Mun teu carincing
dipaling, Mun teu diubaran payah, Mun teu ngaji moal nyantri.
62. Wah aing tutur
ngatuhu, Kencana diapi laing, Mangeran tempang sabeulah, Top kari sabeulah
deui, Katulah ku pangabisa, Mun cicing moal salatri.
63. Teu macul teu burung
nyatu, Paeh titeuleum keur mandi, Teu mangan kamĕrĕkaan, Teu ngarah teu burung
ngarih, Babatang menak Jatnika, Mucigcrig bawaning ngulik.
64. Loba nuhirup teu
nyatu, Nu ngali lain nutani, Nu bĕrakal talayah, Anu caricing di paling, Loba
ubar nu kanceuhan, Loba wali lain santri.
65. Katuhu paranti
nyatu, Kenca paranti susuci, Mulya hina duanana, Milik aing nu sajati, Mun aing
beurat sabeulah, Tandaning ngalain-lain.
66. Jung tangtung dina
bangbarung, Baeu banggeut milik aing, Sing walatra duanana, Masing hanteu pili
ganti, Untung rugi mulya hina, Papait eujeung mamanis.
67. Panas tiris baseuh tuur, Ngeunah teu ngeunah nu aing, Nu kasorang ulah nyemah, Bisi pajar dipilain, Hiji barang dua ngaran, Bongan dua nu ngalandi.
68. Aing untung ceuk nu
dusun, Aing rugi ceuk nu ngarti, Aing mulya ceuk nu anggang Aing hina ceuk nu
dalit, Ditandangan ku sorangan, Tĕtĕlahan nu ka aing.
69. Agungna jadi
Pangulu, Hinana jadi pangatik, Mulyana jadi ponggawa, Hinana bas ning abdi,
Mulyana sok disarembah, Hinana sok dianonim.
70. Aing untung keur
panuju, Aing rugi keur bĕrĕwit, Aing mulya keur sukana, Aing hina keur
prihatin, Aing kaya keur balangah, Aing miskinna keur eling.
71. Diuk nangtung jeung
ngalantung, Dagang jiwa ngicis budi, Jual akad sapayuna, Sabaraha anu wani,
Ngarah rorongsokanana, keur ngajatnikakeun diri.
72. Susungkur ngarah
susungkur, Jual beuli ngarah bati, Carabakan ngarah rasa, Tulas-tulis ngarah
uni, Sisindiran susulukan, Moal sacangkang saeusi,
73. Ti luhur sarerang
kawung, Ti gigir langari jadi, Ti handap sarerang langkap, Ngukuy pĕnyu ka
basisir, Kasungka di kali jaga, Kasi handapeun kilaki.
74. Ti luhur sumangga cium, Ti gigir kuma paranti, Ti handap sumangga rampa, Wungkul sĕmu dina pikir, Sugan suka pajajaga, Kasorang jadi salaki.
75. Ti luhur sujud
pangambung, Ti gigir paranti bakti, Ti handap keur walakaya, Ngukut budi bari
mikir, Kasuka neangan jaga, Kasorang baring supagi.
76. Catur ngaub
kapangrungu, Budi ngabdi ka nu surti, Polah nyĕmbah kanu awas, Rasa ambeu memeh
hiji, Mun paju tanpa ladangna, Tina pĕti sanubari.
77. Untung ku ladang
lumaku, Sugih ku ladang pangarti, Beunghar ku ladang bicara, Weureu seubeuh
gĕde leutik, Maraban pangupa jiwa, Leutik jinis gĕde bati.
78. Teu payu usum teu
payu, Keur raris usum keur raris, Boga kumaha barangna, Pikabogoheun nu meuli,
Teu pedah dipika heran, Ninggang sulaya jeung ati.
79. Da geus di dieu di
ditu, Jamak raris jeung teu raris, Teu euweuh jarianana, Pakeeun anu mareuli,
Dahareun jeung barudak, Malaur barudak rungsing.
80. Moal bingung ku nu
umum, Moal nyĕri ku paranti, Moal heran ku nu jamak, Moal pahili ngabagi,
Humaleuang humandeuar, Nyĕri ku barang nu misti.
81. Pastining Gusti Yang
Agung, Kĕrsaning Nu Maha Suci, Cacandran jadi pusaka, Wangkid ti nini ti aki,
Ulah bahula wangkĕlang, Kana titis tulis diri.
82. Tapi tutur
dipitutur, Nyĕbut takdir ka papait, Mamanis asa beunangna, Lawas dibalajar
lali, Balukarna ngarasula, Papait asa pahili.
83. Pasaliru nu
dimaksud, Jeung pasti keur aing, Bongan ngalunjak diwarah, Ulin dibĕkĕlan duit,
Ngarasula keur teu boga, Da asa duit nu pasti.
84. Indung nguyung tina
bingung, Ditagih barang teu misti, Dipentaan lain hutang, Ngan bonganna ti
kamari, Anakan di warah ngeunah, Ngarungsing keur na prihatin.
85. Atuh pitutur
nalapung, da pasalingsingan ati, Babasan beda ti rasa, Uni teu tĕrus jeung ati,
Ucing nyandingkeun paisna, Maling deui maling deui.
86. Tutur dijujur
diugung, dek dikĕsitan sakali, Didadak sabar dipaksa, Ngĕrik deui – ngĕrik
deui, hanteu dilalanyah heula, pepeling moal ditolih.
87. Atuh kaku lain baku,
Tara-tara tisasari, Ngadak-ngadak barangasan, Kawas teru nyaah ka aing, Nu
matak kagĕgĕringan, Gĕring deui – gĕring deui.
88. Indung bapa turun
kaul, Agus lamun cageur deui, Ku bapa moal dipungpang, Taya nu dipikaasih, Taya
banda kinasihan, Ngan keur agus suka ati.
89. Geus kitu bawaning
bingnung, Ingkeun bae da geus takdir, Nya takdir teh tuturunan, Kolotna tara
piduli, Kana pibageureun anak, Nu sĕnang dikaping buri.
90. Tah kitu turun
manurun, turunan sĕsĕmban santri, Balahi ku T7:03 akdirullah, Kangeunahan
beunang aing, eukeur mah santri kabongan,. Niru babasan Kiai.
91. Kiaina deui kitu,
Tĕpi ka mĕlĕtik budi, Hidayat ka pangeranan, Heran ku basa kiai, Naha bĕt
nyĕmbah nyabeulah, Kumaha jadina hiji.
92. Ĕnya sore hĕnteu
isuk, Wawuh beurang leungit peuting, Keur ngeunah gagalayahan, Keur nyĕri
migusti-gusti, Ngadunungan kakapeungan, Uyuhan teu dipilain.
93. Baku napsu nu di
batur, Ngaran takdir nu di aing, Hawa pĕrbawa kabita, Nu teu mĕnĕran ka aing,
Kalah modar teu kasorang, Da lain bagian aing.
94. Dulur ngan cikal
jeung bungsu, Awewe reujeung lalaki, Ceuk bungsu geuraheun akang, Ceuk cikal
geuraheun adi, Puguh saindung sabapa, Ngidul hiji ngaler hiji.
95. Mun nenjo teu
ngeunah batur, Uyuhan teuing silaing, Mun teu ngunah di sorangan, Aeh naha kieu
teuing, Nganaha-naha nu jamak, Teu rasa mungkir ka takdir.
96. Ceuk pulus geuraheun
limus, Diciuman ku nu geulis, Ceuk limus mĕnding pulus mah, Tara diguras-garis,
Kabeh poho ka pusaka, Mulya hina untung rugi.
97. Ceuk sato manusa
agung, Boga kuda boga munding, Ceuk manusa mĕnding domba, Bĕtaheun ku eusi
peujit, Ĕngke keur ponyo ngalasan, Jukut hejo moal lingih.
98. Tara tisusut
tidungdung, Neangan nu lain-lain, Tara maksa gurajangan, Ngulak ati teu
ngabukti, Rumasa bisa sorangan, Hirup ku kabawa impi.
99. Mun aing suhud ka
sirung, Tandaning lali kabeuti, Mun rada ĕmbat meueusan, Eling kaasaling jadi,
Tangtu rumasa nyasama, Itu aing ieu aing.
100. Ngan itu maju ka
untung, Ngan aing maju ka rugi, Ngan itu kĕmbangan mulya, Ngan aing kĕbangan
laip, Harga kumaha nu hayang, Hade itu hade aing.
101. Mun aing suhud ka
iwung, Tandaning lali ka awi, Susah keur nganyam ayakan, Eleh ku ngeunah
sakali, Ngarasa kurang keur kurang, Butuh keur anyaman bilik.
102. Tanda asal kudu
mundur, Ngukuhan eling ku beuti, Buah jaga kĕmbang jaga, Aing keur pada
ngajadi, Lĕbah ĕmbung lĕbah hayang, dilawanan ku nu bukti.
103. Moal tajung euweuh
irung, Moal bau euweuh seungit, Moal bujang euweuh lajang, Moal barang euweuh
duit, Moal mulya euweuh hina, Pigeusaneun sili tuding.
104. Kudu lawung pada
lawung, Sajajaran pancakaki, Gumĕlar lĕbah alamna, Maju teuing mundur teuing,
Matak sarosopan rasa, Pinggan dientep jeung piring.
105. Lilip bukur moal
timu, Nu layeut tĕrusing ati, Tĕrah sabdaning kusumah, Rumasa lain jeung lain,
Bonganna pasalingsingan, Bukti teu ninggang jeung sari.
106. Iraha ngakandi
sintung, Lamun buktina ngan kitri, Iraha gumĕlar hayam, Lamun jalma sakabeuki,
Ĕndog ulah sina mĕgar, Dabongan make dipeuncit.
107. Iraha timbulna
suung, Lamun taya musim ngijih, Iraha gumelar supa, Lamun taya catang kai,
Iraha nĕlah kaula, Lamun taya bibit gusti.
108. Suhud soteh aing
tandur, Ingĕt kana rumpak jami, Makaya hayang di buat, Ngulik harti hayang
bukti, Gumĕlar neangan rasa, Pek geura puntirkeun deui.
109. Moal suluk tanpa
wusul, Tapi teu make mimiti, Koleang ka sakĕmbaran, Jumĕrit ku silib sindir,
layung isuk samar beurang, samarandening kinanti.
Moal tajung
euweuh irung,
Moal bau
euweuh seungit,
Moal bujang
euweuh lajang,
Moal barang
euweuh duit,
Moal mulya
euweuh hina,
Moal suluk
tanpa wusul,
Tapi teu
make mimiti,
Koleang ka
sakĕmbaran,
Jumĕrit ku
silih sindir,
layung isuk
samar beurang,
Dulur ngan
cikal jeung bungsu,
Awewe
reujeung lalaki,
Ceuk bungsu
geuraheun akang,
Ceuk cikal
geuraheun adi,
Puguh
saindung sabapa,
Ngidul hiji
ngaler hiji.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar